Résénsi teh nyaéta kagiatan ngaguar atawa nyaritakeun hiji buku. Buku-buku anu dirésénsi biasana buku-buku wedalan anyar tur éta buku téh dianggap perlu dibaca ku balaréa. Dina nyieun résénsi, urang téh kudu bisa nganalisis kaunggulan jeng kakurangan éta karya.
Istilah résénsi asalna tina basa Belanda resentie serepan tina basa Latin resecio, recencere jeng revidere nu hartina nepikeun atawa nyaritakeun deui. Nilik kana harti kitu, nu disebut résénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya saperti buku, film atawa pintonan drama jeung pintonan musik.

Comments
Post a Comment