Skip to main content

Kartu Rémi Beureum


Anu di maksud éséy nyaéta karangan pondok dina wangun lancaran. Pangna disebut pondok téh dumeh dina karangan éséy mah tara aya anu maké bab atawa pasal tapi ngaguluyur.

Éséy téh diajangkeun pikeun bacaeun umum. Nu matak, eusina téh kudu boga sipat komunikatif. Dina nyieun judulna ogé kudu ngagunakeun ungkara kalimah anu ngahudang rasa kapanasaran.

Anu dibahasna lain pasualan anu pabaliut tur beurat, tur gaya basana hampang. Nu matak karangan éséy umumna di muat dina koran atawa majalah. Tujuanana pikeun ngadiskusikeun hiji pasualan, midangkeun pandangan, atawa ngajak balaréa narima poko pikiran anu keur dipedarkeun ku nu nulisna. Ari anu sok dijieun jejerna mah bisa ngeunaan naon waé, bebas. Sanajan éséy téh kaasup bacaan hampang, tapi angger waé sok di barengan ku data jeung hasil talaah atanapi fakta.

Comments

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.