Anu di maksud éséy nyaéta karangan pondok dina wangun lancaran. Pangna disebut pondok téh dumeh dina karangan éséy mah tara aya anu maké bab atawa pasal tapi ngaguluyur.
Éséy téh di ajangkeun pikeun bacaeun umum anu matak, eusina téh kudu ngasipatan komunikatif. Dina nyieun judulna ogé kudu ngagunakeun ungkara kalimah anu ngahudang pikeun kapanasaran.
Anu di bahasna lain pasualan anu pabaliut tur beurat , namung gaya bahasana hampang. Nu matak karangan éséy umumna di muat dina koran atawa majalah. Tujuanana pikeun ngadiskusikeun hiji pasualan, midangkeun pandangan, atawa ngajak balaréa narima poko pikiran anu keur di pedarkeun. Ari anu sok di jieun jejerna mah bisa ngeunaan naon waé, bebas, sanajan éséy téh kaasup bacaan hampang, tapi angger waé sok di barengan ku data jeung hasil talaah atanapi fakta.

Comments
Post a Comment