Skip to main content

Alien



Carita Pondok atawa mindeng disingget minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa narasi fiktif. Carpon téh mangrupa tarjamahan tina Basa Inggris short story atawa nu basa Indonésiana cerita pendek. 

Wangun carita pondok nu aya dina sastra, datangna ti Eropa. Nepi ka ayeuna acan aya watesan naon ari carita pondok téh, nu puguh mah carita pondok téh nyaéta kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun ku pangarangna kalayan daria, puguh anu ditepikeunna, karasa ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari nyésakeun kesan keur nu maca.

Carita pondok condong mundel sarta langsung dina tujuanna dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pamahaman modérn) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas tokoh, plot, jejer, basa sarta wawasan nu leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih pondok, misalna fiksimini. Caritana bisa rupa-rupa.

Comments

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.